Selasa, 10 Februari 2009

TANGKAP 2007!!!erat-erat

Sunday, January 1st, 2006

CARPE DIEM!!!!

Wilujeng sumping dinten kahiji 2006

tangtos seueur kajantenan, pangalaman, sareng pelajaran
ti 2005..

nu peurih, bingah, nangis, seuri, bodas,hideung atanapi
biru

mugi teu percuma(sia-sia). amin.


hiji hal anu penting

tong dugika 2006 sumping bari teu dibageakeun(welcome)

dibageakeun ku sagala rupi rencana anu asak.

ti januari, februari, maret,..,agustus, tug dugika
januari deui, ti senen dugi ka senen deui sing aya dina manfaat sadayana. boh
ka rerencangan, kulawargi, fakultas, jurusan(kantenan ari hoyong lulus 2007 mah
=D ), diri nyalira sareng ka Bangsa Indonesia urang.


Hayu urang sasarangan

teras ngasah ngasakkeun jati diri

mugi sing teras langkung dewasa

dina mayunan sagala tantangan hirup

anu duka dugi ka iraha

sagara(samudra)ambahanna(luasnya)


Hatur nuhun kana sadaya persahabatan salami ieu

punten bilih seueur anu teu sreg kana manah(hate)

mugi teras nganteng sareng berkah

teu sadaya cita-cita tiasa kaparengkeun

tapi urang tiasa optimalkeun anu tos dipimilik ku urang

SUKUR-SABAR eta dua konci utama katenangan hate

teras sebarkeun energi positif ti diri urang

never send the negative power from us

insyaAllah tangtos Gusti ngagampilkeun sadaya kabutuh
urang. Amin

Wilujeng sumping 2006!!!SPIRIT!!!

KEBATKEUN HIRUP NU HURIP!!!

ti abdi

Purnama Sidik

urang UPI…

Urang Sunda ti Basisir Garut Kidul tea.

Hiji
Januari 2006, ahad sore katompernakeun(senja)

Tidak ada komentar: