Selasa, 10 Februari 2009

nincak mangsa rumah tangga

Thursday, November 20th, 2008

…Tanggal 6 desember! sabaraha poe deui ti ayeuna? ayeuna tanggal 20 November 2008. berarti kurang leuwih 16 poe deui atawa dua minggu leuwih dua poe deui kuring insya Allah rek ngalumangsungkeun hiji sunnah agama teh. NIKAH!

saliwat mah asa percaya teu percaya kuring ge. hate sok ngagerentes, “enya kitu kuring rek nikah?”. tapi da memang nyata ning. calon panganten lalaki aya, nya kuring pisan. calon panganten awewe oge aya, urang cianjur tea. :) lamaran enggeus tanggal 7 juli kaliwat. babalanjaan geus meuli. ka KUA geus didaftarkeun deuih. tapi naha kuring sorangan bet siga nu can panceg? loba kahariwang loba kasieun. teuing sieun ku naon.

tapi lain can panceg ketang. ngan wajar we meureun nalek ka diri sorangan dina hal kasiapan diri nyinghareupan hiji fase hirup anu lain akon-akon. bener pan nikah mah lain lalakon heuheureuyan. nikah pasti beda jeung lagas. ari lalagasan mah bebas, ari nikah mah pan kaiket. kaiket ku beungkeutan nu kacida pagehuna atawa mitsaqon ghalidza tea mun ceuk basa Quran tea mah. sok remen kuring ngadenge ti babaturan nu geus narikah. “euy, geus nikah mah hese mun balik peuting teuing teh, da pamajikan pasti ngambek. sok komo mun nepika mondok di imah batur mah. sanajan di imah babaturan dalit ge, angger we jiga nu teu ridlo ning”. sejen babaturan ngomong na teh”waduh ripuh euy geus rek awal bulan duit can aya pamajikan pasti bakal bangkenu munnyahoeun mah. kudu neangan kamananya pibeaseun?”, jeung rea-rea deui carita rumah tangga babaturan nu sakapeung mah sok nyieun gimir ati. tuluykeun tong nya nikah teh?

umur kuring teh 26. kalahiran tahun 82. asal mah ti cikelet, hiji kacamatan di garut beulah kidul.

……bersambung

Tidak ada komentar: